Minggu, 31 Oktober 2010

-Hayang Wisuda-

hayang wisuda. sugan diaku ku calon mitoha. sugan Indung aya ku bangga miboga budak nu sarjana. sugan Bapak bisa nyaritakeun ka tatangga. sugan Adi teu era ditanya saha lanceukna. hayang wisuda. ijazahna moal dipake ngalamar gawe. ngan paling dipake ngala...mar awewe. geus teu betah dianggurkeun wae. hayang wisuda. teu ngaruh kana elmu. komo ngaruh kana firdaus nu dituju. euweuh tidituna geus wisuda jadi soleh ujug-ujug. hayang wisuda. ceuk beja di Indonesia mah sarjana teh jadi sangsara. basa kuliahna nyiar elmu sangkan meunang duit ti nagara. Teu ngaruh, da kuring mah kaya raya. hayang wisuda, Mak. saukur meulitkeun kabungah ka Emak yen kuring, anak Emak, bisa diamanatan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar